Tulisan ieu mangrupa panganteur pikeun mikaharti Radio Frequency Identification (RFID) anu ditujukan pikeun saha baé anu masih pohara awam kana téknologi ieu. Dina bagian mimiti tulisan ieu dibahas ngeunaan konfigurasi umum, sarta satuluyna paturut-turut baris dibahas ngeunaan padika gawé RFID, tanda (tag) reujeung wanda-wandana sarta minangka bagian panungtung dokumén ieu baris nyaritakeun kumaha ngabungkus tag kasebut.

Konfigurasi Umum

Intina, RFID mangrupa téknologi anu boga guna pikeun ngalakukeun detéksi sarta idéntifikasi kana hiji obyék ngaliwatan data anu dipancarkeun ngaliwatan frékuénsi radio. Sistem kasebut saeutikna merlukeun hiji tag (anu boga fungsi minangka transponder), hiji pamaca atawa reader (anu boga fungsi minangka interrogator), sarta hiji anteneu (anu boga guna minangka alat kupling). Reader biasana nyambung jeung hiji host computer atawa pakakas séjénna anu ngabogaan kacerdasan pikeun mrosés tag data sarta nyindekkeun pikeun nyieun hiji tindakan. Host computer biasana mangrupa hiji bagian tina hiji raramat komputer anu leuwih badag deui, sarta bisa nyambung ka Internét.

Salah sahiji bagian penting dina RFID nyaéta pangiriman data. Pangiriman data kajadian mangsa lumangsungna hubungan antara hiji tag jeung hiji reader, anu disebut kupling, ngaliwatan anteneu boh anu dipasang dina tag kasebut boh dina reader kawas anu digambarkeun dina gambar di handap ieu.

Gambar:RFID1.jpg
Hubungan antara tag, reader, jeung anteneu

Gambar 1

Padika Kupling

Kupling dina kalolobaan sistem RFID ngagunakeun padika magnetik(induktif) atawa éléktromagnétik (backscatter). Padika anu dipaké kasebut gumantung kana harga, ukuran, laju sarta hontalan jarak baca sarta katalitianana.

Sistem RFID anu dikupling sacara induktif ngabogaan hontalan jarak baca anu pondok, anu biasana dina orde inci. Wanda ieu loba dipaké minangka access control anu ngan merlukeun hontalan pondok. Dina perkara ieu, hiji tag ngan baris ngalakonan unlock atawa muka konci RFID-ENABLED door lock sabot tag aya dina hontalan anu cukup deukeut jeung reader, ku kituna konci moal kungsi kabuka sabot hiji jalma anu mawa tag dina jero dompét atawa pésakna leumpang ngaliwatan konci anu memang tanpa tujuan pikeun muka konci kasebut.

Ilaharna komunikasi antara hiji tag jeung hiji reader lumangsung ngaliwatan hiji prinsip fisika anu dipikawanoh minangka backscatter modulation. Dina prosés ieu, hiji reader ngirimkeun sinyal (anu dasarna mangrupa énergi listrik) ka hiji tag, sarta tag baris nanggepanana ku cara mantulkan sawaréh tina énergi ieu kana reader. Hiji alat pangeusian (charge device) kawas hiji kapasitor, anu aya dina hiji tag, nu ngakibatkeun tag bisa mantulkan sinyal. Sabot tag narima sinyal kasebut hartina kapasitor dina kaayaan ngeusian énergi listrik, sedengkeun sabot tag méré jawaban (mantulkeun) sinyal hartina kapasitor dina kaayaan miceun énergi.

Bagian penting séjénna dina sistem RFID nyaéta frékuénsi pikeun operasi antara tag jeung reader. Pamilihan hiji frékuénsi didorong ku kaperluan aplikasi kawas laju, katalitian sarta kaayaan-kaayaan lingkungan, anu mungkin ngalibetkeun ogé régulasi sarta standar anu ngatur hiji aplikasi. Minangka contona nyaéta panerapan RFID pikeun nandaan sato atawa aplikasi RFID anu dipasang dina sato, umumna geus jalan ngagunakeun pita frékuénsi 135 KHz. Sedengkeun frékuénsi-frékuénsi anu populér dipaké dina RFID nyaéta:

  • Low Frequency (LF): kurang ti 135KHz
  • High Frequency (HF): dina 13.56 MHz
  • Ultra High Frequency (UHF): antara 433 MHz jeung 860 to 930 MHz
  • Microwave: 2.45 GHz nepi ka 5.8 GHz

Bagian-bagian pakakas teuas ti hiji RFID, anu tanggung jawab pikeun ngalakonan idéntifikasi, panarimaan sarta pangiriman data, kudu dirojong ku bagian pakakas hipu. Bagian-bagian pakakas hipu ieu boga tanggunjawab pikeun ngalakonan manajemén sarta rékayasa data anu dipancarkeun antara tag jeung reader atawa antara reader jeung host computer. Hal kasebut bisa digambarkeun di handap ieu.

Gambar:RFID2.jpg
Hubungan antara tag, reader, jeung anteneu

Gambar 2

Gambar:RFID3.jpg
Conto Passive Tag jieunan Texas Instruments Incorporated (kénca) jeung Celis Semiconductor Corporation (katuhu)


hanca